![]() |
Ilustrasi |
Sholawatan bahasa sunda di lembur-lembur geus hampir leungit. Geus jarang kadenge budak laleutik ngalantunkeun sholawat Bahasa sunda. Geus jarang oge nu arapaleun, lantaran kageser ku sholawat-sholawat modern, jiga sholawat-sholawat nu sok dinyanyikeun Nisa Sabyan.
Sabenernamh teu salah rek sholawat nanaongh, tapi ceuk kuringmh sholawat Bahasa sunda justeru leuwih unik jeung loba maknana. Selain eta, ngalantunkeun sholawat Bahasa sunda bagian tina ngalestarikeun budaya urang.
Dideleu tina kacamata budaya, sholawat bahasa sunda eta kaasup salah sahiji unsur budaya. Tapi kerna zaman ie terus robah, sholawatan jaman baheula diangapna ku budak kuarimh kuno. Nah, kukituna kuayana tulisan ie, mugi-mugi generasi kuari nyaho, jeung bisa dihirupkeun dei di unggal masjid atawa mushola.
Sholawat bahasa sunda eta loba jenisna. Tapi dina tulisan ie, kuring bakal nuliskeun sholawat eling-eling umat pake logat Banten. Baheulamh sholawat ie sok rame kadenge ti unggal lembur. Sholawat eling-eling umat, ngabogaan arti ngelingan umat supaya salolat. Leuwih jelasna dihandap ie sholawat eling-eling umat.
Eling-eling umat
Muslimin muslimat
Hayu urang berjamaan sholat (Maghrib, Isya, Subuh, Duhur, Asar)
Eta kawajiban mumpung urang di dunia
Kanggo pibekeleun jaga di akherat
Duh gusti abdi sanes ahli surga
Namun henteu kuat nahan panas naraka
Mugi gusti kersa ngahampura tobat
Ngahampura dosa abdi anu leupat
Sholawat eling-eling umat di luhur horenganmh loba versina. Jadi rada beda lirik nu di Sunda Jawa Barat jeung di Banten. Nah, sholawat eling-eling umat ie, versi nu aya di Banten. Di kampung Cipicung, Kecamatan Cileles, Kabupaten Lebak, sholawat ie masih sok dilantunkeun.
Tapi jigana sholawat eling-eling umat ie, leuwih cocok disebut syair tinimbang sholawatan, sebab eusina lewih ka ngelingan/ngingetan supaya solat tinimbang muji ka Nabi Muhammad Saw. Tacan kapanggih saha nu nyien ie syair, soalna diteangan di google geh teu panggih saha anu nyieuna. Nu pasti ceuk kuringmh anu nyieun ie syair nyaeta ulama baheula.
Tidak ada komentar